Posting nu kahiji

Ieu posting abdi nu kahiji?  Posting nu ka hiji? Enya posting nu kahiji nu make bahasa sunda. Bahasa sunda? Naon atuh istimewana bahasa sunda?

Kieu caritana mah. Tadi kakara ngobrol dina chat room jeung babaturan. Tos ngobrol ngalor ngidul, ternyata eta babaturan teh sarua jeung abdi.. pernah merantau ka sumatra. Malahan mah lahir di sumatra cuenah. Disebutnamah " PujaKesuma", Putra Jawa Kelahiran Sumatra. Terus weh eta budak teh nantang ka abdi titah ngomong bahasa Sumatra. Weleh-weleh.. puguhanan poho deui. Da mesing pernah cicing di sumatra oge angeran we da ari di imah sehari-hari mah susundaan.

Nah, akhir-akhir ieu, abdi ngiringan milisna urang tasik.  Na ngarana oge milis urang tasik nya pasti postinganana lolobana bahasa sunda. Kadang mah sok lalieur nepi ka asa senut-senut sirah lamun keur maca postingan. Nya kunaon?

Sabab namah abdi kakara diajar bahasa sunda deui. Masing bisa bahasa sunda ge da tetep kosakatana terbatas. Matak lamun maca nu aneh-aneh teh sok lier sorangan. Komo lamun bahasana lemes mah. Tapi da kumaha, ek ngaku teu ngarti, bisi diseungseurikeun. Jadi diajar sorangan we. Dikira-kira. Ieu hartina naon. Disesuaikeun jeung konteks kalimatna.

Lamun ceuk babaturan abi mah, mun ngadengekeun abi keur ngomog sunda teh lucu ceunah. Logatna geus teu jiga urang sunda. Enya kitu?? Mani sararedih. :-((

Leave a Reply